Jumat, 09 Mei 2014

Teraskeunnya materi nu enggal , nyaeta Istilah Patempatan :)
Mangkaatttt :D 

Ngaran Patempatan di Pagunungan


Dina perkara tempat, aya sababaraha istilah anu osok dipake pikeun ngaran hiji tempat. Ngaran ieu teh biasa gumantung kana kaayaan tempatna. Hiji tempat reujeung tempat sejenna osok ngabogaan istilah atawa ngaran anu beda-beda. Istilah-istilah anu di handap ieu mah biasa dipake pikeun patempatan di wewengkon pagunungan jeung pileuweungan.


  1. Bubulak/bulakan, tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung.
  2. Dungus, gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung.
  3. Gawir, taneuh anu nangtung anu aya di sisi jungkrang.
  4. Geger, tonggoh gunung anu manjang.
  5. Gerembel, kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan.
  6. Guha, liang dina taneuh anu rada gede anu bisa diasupan ku jalma.
  7. Hunyur, imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik.
  8. Huma, sawah di darat atawa kebon nu dipaké melak paré ngan tara dikocoran cai.
  9. Jami, taneuh urut pepelakan pare di darat (huma) anu geus teu disambut deui.
  10. Jungkrang, tempat legok anu jero sarta gurawes.
  11. Kebon, taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan.
  12. Landeuh, taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing.
  13. Lebak, tempat nu leuwih handap.
  14. Léngkong atawa Léngkob, tempat legok jeung jero di antara dua lamping.
  15. Leuweung, tempat anu lega tur dipinuhan ku tatangkalan anu henteu ngahaja dipelak.
  16. Leuweung awi, leuweung anu lolobana dipinuhan ku rungkun awi.
  17. Leuweung geledegan atawa Leuweung gerot, leuweung anu tacan kasaba ku jalma kusabab masih keneh aheng, tatangkalana galede reujeung loba sato galak.
  18. Lamping, taneuh anu dengdek atawa tempat di gunung antara puncak jeung tutugan.
  19. Monggor, daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap.
  20. Mumunggang gunung, taneuh di luhur gunung anu rada datar.
  21. Nagrak, taneuh nu luhur sarta angar.
  22. Negla, tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan.
  23. Pasir, sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap.
  24. Punclut, taneuh pangluhurna dina gunung atawa pasir.
  25. Reuma, taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké.
  26. Sampalan, tegal di leuweung tempat sato jarah.
  27. Samida, leuweung nu dikaramatkeun.
  28. Somang, jurang gurawés sarta jero.
  29. Tegalan, taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan.
  30. Tonggoh, taneuh atawa tempat anu leuwih luhur tibatan tempat anu eukeur dicicingan.
  31. Tutugan gunung, bagean gunung panghandapna.

Enggal diajar sanajan Hoream :D 

0 komentar:

Posting Komentar